Langsung ke konten utama
Naskah Drama Bahasa Sunda
Beberapa minggu yang lalu kelas Akuntansi mendapat tugas untuk menampilkan drama bahasa sunda yang terbagi dalam beberapa kelompok. Setelah mencari-cari di mbah google dan tak ada yang sesuai dengan kami akhirnya kami memutuskan untuk membuat sendiri naskahnya. Dan inilah hasil kreasi kami.
PARAWAN
KOLOT
1. Cinderella / Ela
2. Ceu Ijah (Indungna Ela)
3. Ramlan Juned
4. Isah
5. Ceu Iloh (Indungna Isah)
6. Munaroh
PROLOG
Di
hiji kampung nu ngaranna kampung Bojong Soang, aya hiji parawan nu kakara
datang ti kota. Mimiti datamg ka kampung, eta parawan teh geus jadi kembang
desa ngan hanjakal euweuh lalaki nu datang ngalamar.
Ceu
Ijah : ”Nyai...Nyai...,cik diuk didieu! Ema rek ngomong.”
Ela : ”Aya naon mamih?”
Ceu
Ijah : ”Nya rek iraha kawin? Tuh tingali batur mah geus baroga anak deui!”
Ela : "Naha atuh si mamih meni hariwang?
Tenang weh atuh boga budak geulis kieu mah moal nya teu payu!”
Ceu
Ijah : ”Nya puguh atuh geulis mah da kumaha ge indungna. Tapi naha atuh wet can
aya keneh wae nu nganjang kadieu?”
Ela : ”Tenang wae atuh ma da ari geus waktu
namah bakal datang ka ema!”
Ceui
Ijah: ”Enya eta ge, atuh itu deukeutan wae si Ujang Ramlan pagawe KUA!”
Ela : ”Hah??Si Ramlan Juned? Anu baheulana
oro leho, hideung, pendek. Piraku Ela kudu ka si eta? Teu level keless.”
Ceu
Ijah : ”Aduuhh,,aduhh.. Si nyai teh gagabah. Tuh tingali ayeuna mah kasep jaba
mani herang kitu!”
Ela : ”Ah masa sih?ciuss mih?”
Rai isuk si Ela indit ka pasar, di
jalan manehna paamprok jeung lalaki kasep.
Ramlan
:”Eh neng ela?bade angkat kamana?”
Ela :”Kela,,kela,,ieu teh saha?mani ganteng
kieu?atuh terang ka Ela gening?”
Ramlan
:”Aeehh,,kapan ieu teh Ramlan, rerencangan ameng neng Ela nuju alit.”
Ela :”Euleuhh,,euleuhh mani ganten kieu?
(Bari molohok) .”
Ramlan
:”Neng Ela hayu nya bilih kabujeng siang!”
Sanggeus eta, sabalikna ti pasar Ela mikiran wae Ramlan
anu ayeuna geus kasep. Pas datang ka imah manehna langsung nyarita ka indung
na.
Ela :”Mamihh,,mamihh,,,!”
Ceu Ijah:”Aya naon ari
si Ela mani hariwang pisan?”
Ela :”Mamiiih Ramlan mamihh,,Ramlaan.”
Ceu Ijah:”Aya naon nya
Ela? ka bener ari ngomong teh sing puguh!”
Ela :”Mamih itu si Ramlan mani kasep pisan
ayeuna mah, Ela mah bogoh ka si Ramlan. Cinta pandangan pertama tea mamih.”
Ceu
Ijah:”Nya sok deukeutan atuh ari bogoh mah! Ema rek meuli heula lauk asin ka
hareup.
Ela :”Ihh ari si mamihh.”
Di tukang sayur ceu Ijah papanggih jeung Munaroh. Teu
lila datang Ceu Iloh. Didinya maranehna ngagarosip.
Munaroh:”Ceu ari si
Isah tos dongkap ti arab.”
Ceu
Iloh:”Alhamdulillah atos, ieu kuring ge di kirim ieu yeuh (bari nembongkeun
geulang emas na). Ameng geura ka bumi bilih bae ngaraosan korma candak ti Arab.”
Munaroh:”Muhun
ke Insyaallah.”
Ceu
Ijah:”Alah teu pira sakitu wae ge sombung. Si Ela ge ka kuring ngirim duit
sagepok teu ibur.”
Ceu
Iloh;”Euleuhh nya sawios atuh, kabita nya?”
Ceu
Ijah:”(ngadelekan ceu Iloh). Munaroh meuni rajin geuning kersaan balanja
sayur?’
Munaroh:”Muhun
da ema na nuju teu damang.”
Ceu
Iloh:”Munaroh teh damel di KUA nya?sa padamelan sareng Ramlan atuh?”
Ceu
Ijah:”Naha nyebut-nyebut si Ramlan? Eta mah kapan pi minantueun kuring.”
Ceu
Iloh:”Kela,,kela,,kapan si Ramlan mah ti baheula ge kabogoh si Isah. Sakedap
deui ge rek nikah jeng Isah, ke antosan wae nya ondangan na!”
Ceu
Ijah:”Euleuh,,euleuh sok ngaku-ngaku, kapan ayeuna mah jadi nage ka si Ela.”
Ceu
Iloh:”Ah nya teu langkung euceu wae atuh da sok hoyong wae meunang nyalira.”
Sanggeus papanggih jeung Ramlan di deuket pasar, Ela
remen indit ka pasar sangkan bisa papanggih deui jeung Ramlan.
Ela :”Akang Ramlan!”
Ramlan:”Kulan, aya naon
neng?”
Ela :”Ari akang katingal nateh nyalira bae,
teu acan gaduh rerencangan hate kitu?”
Ramlan:”Teu acan neng,
kunaon kitu?”
Ela :”Ohh,atuh Ela tiasa daftar?”
Ramlan:”Daftar?(Bari
ngahuleng)..Ohh tiasa-tiasa, kaleresan akang nyepeng bagian admin di KUA,
kantun daftar weh!”
Ela :”Hah ieu teh bade langsung kang?”
Ramlan:”Muhun
langsung wae ka KUA neng.”
Sanggeus eta, Ela bebeja ka ema na. Nyangka yen Ramlan
teh ngajak kawin.Sanggeus ngobrol jeung Ramlan dina poe kamari, Ela sering
datang ka imah Ramlan boh ngirim dahareun atawa ngan saukur ngobrol jeung
Ramlan.
Ela teu nyahoeun yen ramlan teh ngabogaan hiji janji rek
kawin jeung Aisah parawan kampung anu 3 taun katukang indit ka Arab. Ayeuna
Aisah geus datang deui ka lembur.
Ramlan:”Assalamu’alaikum
wr.wb!” (keketok)
Ceu Iloh:”Wa’alaikum
salam.” (muka panto), eh jang Ramlan, mangga ka lebet!”
Ramlan:”Wa, mireng teh
Aisah tos mulang nya?
Ceu Iloh:”Muhun jang
atos 2 minggu deui kapan.”
Ramlan:”Ayeuna Aisah na
aya?”
Ceu Iloh:”Ohh,,aya. Ke
sakedap bade di sauran heula. Saahh,,Isahh...Kadieu heula sakedap!
Isah :”Kahh, aya naon ma?(ngajenghok ningali
Ramlan terus tungkul)”
Ramlan:”Subhanaalloh,
Isah?(nyoroeun leungeun ngajak salam)”
Isah :”Kang Ramlan punten teu acan muhrim.
Sabuat Ramlan jeung Isah keur ngarobrol, teu di
sangka-sangka Ela datng kadinya mikeun ondangan kawinan Ela jeung Ramlan
sangkan ceu Iloh jeung Isah panas.
Ela :”Spadaa,,spadaa!”
Ceu Iloh:”Ke heula
sakedap, saha nya meuni teu sabaran pisan? (bari muka panto)”
Ela :”Ceu ieu ondangan nikahan abdi sareng
Ramlan.”
Ceu
Iloh:”(muka ondangan terus ngajenghok) kela,,kela,,ieu teh Ramlan mana atuh/
kapan Ramlan Juned mah aya di lebet nuju ngobrol sareng Isah.”
Ela :”kang Ramlan aya di jero?jeung
Isah?Assa bohong (bari lulumpatan asup ka imah). Akang, naha akang aya
didideu?sanes geura siap-siap ngalamar ka bumi Ela!”
Isah :”Akang?Akang teh nanaonan atuh
wetngalamar-ngalamar?Bade ngalamar saha kitu akang teh?”
Ramlan:”(gagaro
bari molohok mikir)”
Teu lila jol ceu Iloh nyarekan ka
Ramlan.
Ceu
Iloh:”Ramlan!, naon maksud ieu ondangan teh?Ramlan teh reknganyenyeri Isah anak
kuring?Pan ngadalil)”
Ela :”Alah geuning kalah ngadalil ieu teh?”
Isah :”Kang Ramlan, sok ayeuna jelaskeun ka
Isah naon ieu maksad ondangan teh?”
Ela
:”(bari barangdahar) jep Isah!
Tong sok soalim da ges puguh Ramlan mah erek kawin jeng ela pan ondangana oge
ges aya”.
Isah
:”Teu kenging kitu ela, cuang
taroskeun ka kang Ramlan na langsung. Supados jelas”
Ramlan :”Jep atuh jep! Yeuh pirengkeun, kuring
dongkap kadie teh bade ngabedokeun janji kuring ka isah. Salila 3 tahun ka
tukang kuring geus boga deui kabogoh. (Isah, yati jeung ceu iloh milu
ngajeunghok)”
Ela :”Akang meni tega”.
Ceu
iloh :”Maneh teu boga rarasaan.”
Isah :”Astagfirullahaladzim, akang isah mah
teu nyangka akang teh tega ngaduaken isah.”
Ramlan :”Sok cicing, kuring ek neang hela kabogoh
kuring sangkan puguh masalahna.”
Teu lila, Ramlan datang mawa
kabogohna. Nu teu di sangka-sangka kabogoh nateh geus di pikawawuh ku kabehan
nyaeta Munaroh.
Ramlan :”Tah ieu kabogoh kuring teh (ceu iloh. Isah
jeung ela ngajareunghok deui, bari nyebutkeun aran munaroh sakali ewang)
Munaroh:”Kunaon
kuring bet di ajak kadieu? Heg ker aya acara naon ieu teh wet ngarariung
didieu?”
Ramlan :”Iyoh,iyoh teh bade di kenalkeun kanu aya didieu,
yen ieu tos kabogoh akang.”
Munaroh:”Oh,muhun,
ceu iloh, ela isah kuring tehkabogohna kang ramlan”.
Ramlan :”Tah dengeken kuring mah teu pernah boga niat
rek ngalamar si ela”.
Ela :”Atuh naha basa eta bet miwarang ela
daftar ka KUA?”
Ramlan :”Ela eta mah salah paham, kuring mah nyangka
na ela teh erek kawin.”
Munaroh:”Akang
atuh ieu teh kalah ngarobrol.akang ramlan iyoh nuhunkeun hampura sateuacana,
salami ieu iyoh teh teu pernah bogoh ka akang. Iyoh ngadeketan akang saukur
hayang jabatan di kantor.”
Ramlan :”Ayeuna mah iyoh anu tega ka akang, tuh
tingali akang ges mutusken si isa munaroh nolak si ela eta teh demi iyoh. Atuh
naha iyoh nabet kitu ka akang.
Munaroh:”Hapunteun
akang sakali deui, tos ti ayena mah urang janten rerencangan damel wae.”
Saengges kajadian eta, ramlan teu
bobogohan jeung sasaha kitu deui munaroh, isah jeung ela tiluan eta tetep jadi
parawan kolot nu ayena kalah jadi babaturan deukeut.
SEKIAN
Maaf bila masih ada typo dalam pengetikan naskahnya. Berikut ini drama yang kami pentaskan
Komentar
Posting Komentar